Rabu, 07 April 2010

Sisindiran Sunda

SISINDIRAN

Kawarung jajan bajigur
Diangir kalapa cengkir
Sanes abdi henteu mikir
Da akangna dibuligir

Samping hideung samping hideung
Hideung soteh titadina
Abdi nineung abdi nineung
Nineung soteh ka adina

Cikur jangkung jahe koneng
Lampuyang pamura beuteung
Rarasaan jangkung koneng
Puguh mah bureuteu beuteung

Kica-kica diluhur meja
Katembong kaca purina
Abdi bogoh kamanehna
Katembong imut seurina

Aya listrik dimasigit
Caangna kapakidulan
Aya istri jangkung alit
Hanjakal aya bisulan

Mun eneng butuh kekesed
Bisa oge make kadut
Mun eneng ngadahar boled
Neng bisa gede hitut

Ngarit eurih-ngarit eurih
Sapoe meunang sadapur
Nyeri peurih-nyeri peurih
Kabogoh direbut batur

Majar teh arek kapasar
Sihoreng keur tibra molor
Ngaku mah jadi pelajar
Sihoreng awewe bangor

Hoyong teuing sayur bonteng
Dicikuran dibawangan
Hoyong teuing jadi panganten
Dikasuran diranjangan

Anak hayam ciciakan
Anak kuda bisa lumpat
Kahayang jadi sastrawan
Basa sunda penteun opat

Sisir kerep sisir koneng
Sisina bahan tambaga
Entong ngarep-ngarep kuring
Kuring mah jalma teu boga

Ucing saha warna soklat
Hese diparabanana
Sing saha teu daek sholat
Naraka bagianana

Tarate jadi di empang
Kembangna bareukah beureum
Dicium kubudak bujang
Sapeuting teu daek peureum

Boro-boro boga sapatu
Calanage tatambalan
Boro-boro boga minantu
Nanya ge teu ditembalan


Melak koneng deukeut laja
Sabulan teu jadi-jadi
Jauhan morfin jeung ganja
Mun maneh nyaah kadiri


Lamun urang kacikole
Moal hese tumpak kahar
Lamun urang boga gawe
Moal hese barang dahar

Tai kotok tai lancung
Tai bebek lalakina
Anu montok anu jangkung
Rambetek liang taina

Munteu tulus ka pasukan
Kapasirna oge hade
Munteu tulus kalanceukna
Ka adina oge hade

Kamana jalan kencana
Jalan sepur bulat-beulit
Parawan jaman ayeuna
Susu leyur teu meunang duit

Halimun digunung guntur
Jalana kapasisian
Sing runtut jeung pada batur
Ulah rek papaseaan

Samping batik juru tujuh
Carecet juru salawe
Mun rek nampi mangka puguh
Ulah matak nyeri hate

Majar teh arek kahuma
Kacai mamawa kendi
Majar teh arek karunya
Lami-lami nganyenyeri

Salawe dua lima
Salikur dua hiji
Awewe jaman ayeuna
Dicukur jiga lalaki

Cikaracak ninggang batu
Laun-laun jadi solokan
Cingcakakak pamer huntu
Suka seuri gogonjakan


Cikaracak ninggang batu
Laun-laun jadi legok
Tai cak-cak ninggang huntu
Laun-laun mah dilebok

Cau naon-cau naon
Cau kulutuk dijuru
Bau naon-bau naon
Bau hitut nu ngajuru

Tatangga hajat nyunatan
Sarerea milu suka
Diajar ulah bengbatan
Bisi kaduhung jagana

Gatot gaca pringgandani
Bebenteng urang amarta
Rek naros teu pati wani
Lantaran aya nu boga


Hayang teuing buah moris
Teu bisa ngasakanana
Hayang teuing kanu geulis
Teu bisa ngakalanana

Nganggap wayang diheulakeun
Bodorna cepot jeung gareng
Murid nu rajin ngapalkeun
Moal meunang peunteun goreng

Kaliki kembang samangki
Daun dadap hejo kandel
Lalaki jaman kiwari
Matak jahat kejo sambel

Kaleuweung buburu bagong
Indit isuk balik burit
Nu elik patukang tonggong
Biritna di gegel beurit

Hayam jago keur maen bola
Dipeuncitna kukisantri
Kudu getol kasakola
Sangkan beunghar kupangarti

Ecet-ecet oet-oet
Ngaronda ngarurek belut
Kapelet-kuring kapelet
Kurangda nugede hitut

Jalan-jalan ka Surabaya
Manggih kuda gagandongan
Aya budak sagaya-gaya
Hulu peda diendongan

Piring pisin mangkok cina
Ranjang buatan toko
Abdi isin kabina-bina
Rek nganjang teu boga roko

Buah golek buah kesemek
Buah kesemek ditutuan
Ulah daek kasi enok
Si enok loba kutuan

Kembang bawang teu jaradi
Katindihan kutangkal kaso
Lamun eneng bogoh ka abdi
Dipasihan keur meser baso

Talingtung talina benang
Mobil beureum diguratan
Satungtung teu acan beunang
Moal eureun disuratan

Es lilin ku amis tiis
Leuwih ngeunah ti es teler
Abdi bingung kunu geulis
Dikiceupan jol ngagoler


Takokak buah takekok
Buah tiwu aruratan
Barudak ulah rarecok
Pa kuwu rek disunatan

Salawe dibagi lima
Waliwis jangjangna keting
Awewe jaman ayeuna
Hayang geulis di ribonding

Saninten-buah saninten
Pucuk cau hehejoan
Hapunten-abdi hapunten
Hitut bau kanyahoan

Tikukur macokan mungkal
Kecok deui kecok deui
Dipupur beak sakintal
Dekok deui-dekok deui

Tikukur jeung manuk wari
Sendal jepit merk swalow
Nini-nini jaman kiwari
Hayang geulis make sedow

Tidak ada komentar:

Posting Komentar