Senin, 16 November 2009

Sisindiran kasono

Itik kurih bentang sinar
Maen di lapang Cicendo
Nyeri peurih kunu anyar
ari ras ku dibobodo

Pajar maneh rek ka huma
mawa cai dina kendi
pajar maneh rek karunya
geninganmah nganyenyeri

Ari ras teu boga beas
hayang leuleuweungan bae
ari ras nu baju bodas
hayang reureujeungan bae

Cukleuk leuweung lieuk lamping
jauh ka sintung kalapa
lieuk deungeun lieuk lain
jauh ka indung ka bapak

abong kuring meuli suweng
melak ganas dina eurih
abong kuring keur baluweng
dipapanas dipeupeurih

cikaracak ninggang batu
laun-laun jadi legok
anu botak nyeri huntu
di alun-alun aya nu nyabok

Mung urang sunda nu rupina seueur sempal guyon mah,upami sisindiran seueur pisan rupi-rupina,anu pikaseurieun,anu medalkeun kacinta,kasono jsb.sareng deui upami basa sunda mah rada hese mun kedah di hartoskeun kana basa Indonesia,da basa sunda mah mun ceuk basa Indonesia mah seueur nganggo istilahnamah basa bunyi sareng basa gerak,sok taroskeun ka pakar basa Indonesia naon hartosna gulang gaper,nurugtug,nyurulung,adug songkol,adug lajer,nyelekeuteuk sanaos kana pakar na oge dugi keun ka belut bewosan oge moal dugi ka mendak hartosna,mung aya kaistimeawaan basa sunda anu ngabentenkeun sareng basa Indonesia,nyaeta basa sunda mah ngagaduhan tingkatan basa,urang teu tiasa sagawayah ngecapkeun basa,kedah saluyu sareng peruntukanana,dahar moal mungkin diuacapkeun ka sakabeh,tapi basa sunda oge seueur dialekna,contona sim kuring anu nuju ngumbara ka Banten asa reuwas upami ngadangu basa sunda aksen Banten,sok asa reuwas mun aya nu nyebut istri bikang,ningali neuleu,neang jadi noong meni asa araraneh.Jeung deui basa sunda anu matak waas mah mun di ucapkeun ku mojang komo deui ngecapkeuna bari darehdeh katambah someah ditambih deui ku suantena halimpu duh endah pisan.Mun di emutan mah budaya sunda teh asa beunghar pisan salian tina musikna ,lagu,sastra jeung ibing.Sanes sim kuring urang sunda
tapi upami dibandingkeun sareng seni ti daerah sejen asa seni urang anu pang alusna,kabayang mun dina tengah dinten ngadangu kacapi suling komo deui sareng nu nembangna suantena halimpu geus tangstos bakal tibra. Eta tina seni teu acan dina tuangeun,benten sareng masakan padang masakan sunda langkung sehat,sareng teu kedah tuangeun anu mewah,ceuk paripaosna sareng sambel goreng peda,lalab sareng goreng jengkol komo dituangna di tengah galengan nikmatna alah batan tuang di restoran.Eta salah sawios kabeungharan tanah sunda teu acan tina jalmina sareng kaendahan alamna matakna teu lepat upami peter brouwer nyebat yen tanah sunda dicipta waktos gusti pangeran nuju imut,teu lepat upami Raffles nyebat yen tanah sunda teh ku sebutan The Garden of Allah.