Minggu, 01 Februari 2009

Limbangan nu matak waas

Nu pang dipikatineung waktos sim kuring alit nyaeta nyarengan pun biang mulih ka Limbangan.Pun biang boh pun Bapak sami-sami pituin Limbangan kampung sirna galih desa Galih Pakuan.Pas pun biang masihan wartos sakedap deui bade dibuat,manah teh bingahna asa kaurugan menyan putih.Tos kabayang dina soca Pudunan pasir terus kahandap ka Cimanuk meuntas nganggo rakit ngaliwatan kebon awi,di baturan ku hiliwir angin.Pas tonggoheun lembur geus ka ambe bau hawu anu ngebul tina suluh awi.Terus ka lebak geus katingali imah nini mangrupa imah panggung, di buruan di pelakan tangkal cau dilebakeunnana di pelakan sarupaning tangkal hiris jeung tangkal sampeu.ari ditepaseun imah nini ngajajar korsi hoe, wadah seupaheun tinu kuningan.Ari bumi ninimah teu aya kamar sare da lamun reup peuting sadayana ngagelar kasur di tengah imah.Masih keneh kabayang meletetna lampu tempel anu ditutupan ku anyaman awi,sanajan hurungna meletet tapi para bilik nu diluhur angger mehong ku kebul.Tacan pernah mun barang dahar teu ngarasa ponyo,ceuk paribasana dahar jeung uyah hungkul oge tapi ari nu ngarana dahar di lemburmah pasti nikmat. Harita perjalanan Bandung ka Limbangan tangtuna beda jeung kiwari,Saenggeusna nepi ka lemburteh,awak karasa lalungse,tapi rasa kalungse gancang leungit saeunggeus nginum ci enteh tina teko hejo,anu langsung di suguhan ke cau hejo anu rasana haseum semu amis.Di luhureun imah nini aya masigit anu masih kaingeut neupi ka ayeuna sora kohkol jeung pupujian,daharitamah di lembur kuring tacan aya listrik.Tapi untung harita can aya UU pornografi jeung pornoaksi da lamun mandi di pancuran,campur awewe jeung lalaki bari jeung euweuh rasa ragab.Dilembur sim kuring nu ngarana cai cur cor sabab aya dua susukan gede anu ngaliwatan lembur nyaeta cimanuk jeung cipancar.Matakna sawah di lemburmah teu eureun terus dipelakan.Mun indung di buat dasar budak teu weleh kudu ngilu,geus pasti baju bobolokot ku leutak,da kuring keur leutikmah bantangul teu daek cicing.Pare di ala aya nu di arit aya oge anu di etem.Saeunggeus di buat, sawareh pare di tunda na leuit saeunggeus di poe,aya oge anu terus di tutu,masih keneh di buruan aya lisung panjang.Asa euweuh bandinganana rasa sangu anu beasna meunang nutu anu geus di karihkeun terus diseupan na aseupan make seeng,di akeul dina jubleg dihihidan nepi sangu di keupul teu bisa peungray,beda jeung ayeuna ibu-ibu geus wararegah nyangu model kitu da tuntutan jaman geus beda,sanajan akibatna sarua jeung mapagahan ka anak urang gaya hirup anu instan.Asa endah,asa ngangras mun inget zaman harita,pangaruh kabudayaan luar geus asup nyurup ka urang lembur,hawu nu make suluh awi jeung kai jengjen geus diganti ku kompor gas,seeng jeung aseupan geus diganti ku magic com,dengerna sora budak anu nyalukan baturna geus teu kadenge dan unggal poe nu di peletetan ku budakteh telepon seluler,nyaba ka kota anu di pikaimpi ku barudak,geus ampir euweuh budak ngora anu daek nyawah komo deui ngebon.Duh lembur ulah dugi kaendahanana ngan aya dina implengan,keur sim kuring lembur ibarat indung,anu ngandung anu mikanyaah neupi ka kuring bisa mulang tarima.Hampura lembur hampura indung kanyaah anu sakitu gedena nepi ka iraha moal bisa di bayar sanajan ku duit satangtung.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar