Kamis, 05 Februari 2009

Bandung nu dipigandrung

Gupay-gupay panineungan kiwari nembongan deui,syair lagu anu ngagambarkeun kaayaan harita medio Maret 1998,masih katingali gupayan leungeun indung nu disarengan pidu'a waktu ngalepaskeun sim kuring ngumbara ka tanah Banten.Beca anu mawa sim kuring beuki jauh niggalkeun imah anu pinuh ku katineung,teu karasa geus ampir 11 tahun sim kuring ninggalkeun Bandung.Tapi endahna Bandung masih keneh nyaliara dina hate kuring.Masih kasawang pas balebat gunung anu ngalingkung Bandung.Masih keneh kadenge pepejeuh ti kolot anu ngajarkeun panghirupan anu bener.Masih kabayang waktos keur budak mun diingetan matak kaduhung tara ngadengekeun omongan kolot,sabab beuki dieu beuki kabuktikeun,benerna omongan kolot.Tapi sanajan geus kaitung lila sim kuring ngumbara,tapi nepi ka ayeuna masih keneh ngarasa cukleuk leuweung cukleuk lamping,jauh ka sintung kalapa,lieuk dengeun lieuk lain,jauh ka indung ka bapak.Masih keneh nepi ka ayeuna mineng ngarasa nunggelis mun inget ka lembur jeung ka dulur nu aya di imah,sanajan jauh tapi asa aya digigireun jeung di hareupeun.Mangsa pang endahna mun kuring balik ka lembur,sempal guyon jeung dulur,carita mangsa anu geus lawas,duh teu aya bandinganana.Hate ngangras deui mun kuring kudu balik deui ka pangumbaraan.Hayang teuing sim kuring balik deui ka lembur anu geus mere sagalana ka sim kuring,geus usaha tapi hal eta mun ceuk pari basa mah ibarat ngarep-ngarep kalangkang heulang,ngajul bentang ku asiwung,Eta nu matak nyieun hate beuki ngangras.Balik deui ka lembur ngan aya dina implengan,Bandung nu di lingkung ku gunung,Bandung nu heurin ku tangtung,Bandung nu dipigandrung nepi ka iraha moal leungit dina hate jeung implengan kuring.

2 komentar:

  1. Pa Yudi.. mau komen tapi ga ngerti bahasanya.. mau komen postingan yang di bawah tapi banyak banget tulisannya. baru saya kopi, ntar saya baca terus saya komen ya pak. harap bersabar. haha.. :D
    jangan ke blog saya ya pak,. isinya ga penting semua. :p

    BalasHapus
  2. Pribados bade komentar. Reueus maos seratan saderek numasih keneh lancar basa Sundana. Pribados nu Sunda pituin, lahir sareng sepuh asli ti Garut, sok pategtog lamun kedah nyerat atanapi nyarios dina basa Sunda. Malahan pun anakmah, nilai pangajaran basa Sunda di SD pang awonna. Margi teungartos saurna. Padahal bapana asli sunda. Salam kenal ah. www.bandungtimur.com

    BalasHapus